Jumat, 05 November 2010

pepeling ti pun rama,,, perkawis waktos

babeh ngadawuh : ari hirup teh kudu bisa ngatur waktu,kudu boga prinsip  waktu nu diatur ku urang lain urang nu diatur ku waktu. da ari kamalinaan teuing kana dunya mah moal aya tungtungna, najan boga harta sa isi dunya ge moal ngrasa cukup, kudu inget hirup didunya teh lir ibarat urang NYUKANG DINA SUSUKAN jadi sifatna sementara,dina laku lampah teh urang kudu imbang antara dunya jeung akhirat. pek neangan dunya saolah olah urang rek hirup didunya salilana, jeng ulah poho kana ibadah saolah-olah urang rek maot isukan, tah eta nu kudu jadi prinsip hirupmah, ngameh dina ibadah urang soson soson, kitu oge dina masalah pidunya bakal boga kasumangetan anu hade.

tapi urang kudu tetep inget " kullunafsin daikotulmaut" jadi sakabeh makhluk (manusa) pasti bakal maot, najan urang loba harta banda, siga mobil alus, sawah lega, pamajikan geulis, imah agreng, eweh hartina nalika urang maot mah, harta banda nu sakumaha loba ge moal bisa nulungan kana pertanggung jawaban urang, jaga di akhirat,
"nalika anak adam maot pegat sakabeh amalna, kecuali tina tilu perkara anu kahiji sodaqoh jariah, elmu nu manfaat, jeng doa budak anu soleh"
tah tilu perkara eta nu bakal jadi investasi keur jaga di aherat mah.
matakna lobakeun sodakoh tong pedit jadi jelema mah, terus sakola cing jujur meh boga elmu anu manfaat khususna pikeun diri sorangan sangkan jadi jelema anu bener pinter tur soleh. terus kudu loba ngadoa keur indung bapak. da ari bapak mah moal ngaharepkeun mulang tarima ti maneh, ku ninggali maneh bageur jeung soleh ge geus atoh bapak mah. komo bari ngadoakeun kanu jadi kolot. eta teh kan jadi pahala keur indung bapak maneh.

tah pamenta bapak mah teu loba, kahayang teh nalika ngadenge adzan buru-buru ka masjid, rek kaayaan keur kumaha wae nalika ngadenge adzan mah cul keun urusan nanaon ge. gewat ka mesjid pikeun ngalaksankeun solat. ulah di engke-engke. terus bila mana aya jadwal pangajian atawa tadarus sok inditan.

najan maneh geus dewasa angger bapak mah salaku kolot baoga tanggung jawab dina mere pepeling ka budak mah, da jaga mah engke di akherat angger maneh teh jadi tangung jawab bapak, kacida lebarna nalika kolot na jadi ahli surga tapi teu bisa asup ka surga kulantaran kalakuan anak anu bontongor tara daek solat, komo bari osok maksiat mah....
dina hadist ge kan geus ditarngkeun...
tah sok ayenamah hirup teh tafakuran deui, kana usaha sumanget memang alus tapi inget tong poho kana ibadah keur beukeul jaga di akherat....


ari ayena rek kamana???? (babeh naros)
bade angkat kuliah pa,(kami ngawaler)
heu euh sok atuh gera indit bisi kaberangan,
(padahal nungguan babeh dakwah teh dosen geus neleponan, ngan teu diangkat we da hape na di silent)
hampura bu dosen lain teu ngahargaan, pepeling ti babeh abdi mah moal aya nu bisa nandingan najan bu dosen masihan teori-teori anu kadang-kadang ngabingungkeun pribados. 
pepeling ti babeh mah najan singkat tapi merenah kana hate, bahkan perjalanan ti imah nepi ka campus eta pepeling ti babeh mah terus we kapikiran.
nepi ka ayenage masih keneh kapikiran, matakna ku pribados enggues we tulis na pesbuk,
mudah-mudahan ieu tulisan aya manfaat pikeun dulur-dulur jadi pelajaran hirup pikeun dulur-dulur sadayana,,,
amiiiiinnnn

enggeus hela akh tunduh,,, hehehehe

Tidak ada komentar:

Posting Komentar